Kamis, 09 Februari 2012

Moro Babi hama Patani di Desa

kahirupan urang lembur kalolobaana biasana kana tani jarang-jarang nu jadi pagawemamah ari lain milik jeung ngumbara kakotamah, jadi patani di padesaan komo daerah gunung loba pisan resikona, lian ti biaya molah nu gede kulantaran lobaba lahan icakan oge mahabuna hama kulantaran ekosistem alam nu ges teu saimbang. lian ti hama letik sabangsaning kungkang, leuleueur, simeut, weureung jaung nu lianna oge hama gede nu ngarusakna lewih parah kana pakaya nyaeta hama babi.
dina ieu posting pisan penulis rek nyoba ngungkab usaha masyarakat Desa Lebakherang dina nanggulangi Hama babi.
babi ngarupakeun sato leuweung nu kadaharana sarupaning beubetian, jukut, buah-buahan oge bangke. diantara kadaharan nu mundel sering kajojo ku babi nyaeta pakaya patani sarupaning kacang, boled, sampeu jagong, pare jeung nu liana. dina mangsa makaya kadangkala patani sering tutungon mondok meuting di leuwung nungguan pakaya, sabab babi sering ngarusak tatanen, kadangkala saukur ngarusakna bae teu di dahar komo mun babi bikang nu boga anakmah, lamun nyerang pelak pare nu keur gede beutung pelak pareteh direbahkeun indungna gugulingan ngarebahkeun pare maksudna buah pare sina kahontal didahar ku anakna. laamun kana pelak jagong tangkal jagong dipites-piteskeun bari jeung miteskeunateh bari lumpat sakur tangkal nu kasamper di gatis ku sihungna nu seukeut sina rubuh. nya kitu deui lamun kana sampeu, boled, atawa kacang banten jeung bebeutian nu lianna ngan saukur di borengkalkeun geus kitu sina didaharan ku anakna. tangtuna hal ieteh ngajadikaeun karugian nu lumayan pikeun patani.

pikeun ngurangan hama babi dina musyawarah Desa ditetepkeun kagiatan moro anu waktuna tiap poe saptu unggal minggu ari skenaryo anu di pake nyaeta moro babi di Porog. ieu skenarioteh jigana ngan aya di Lebakherang wungkul tapi ieu teori kabuktian lewih ampuh batan diboro make anjing atawa diboro biasa. ari kagiatan morogteh kie skenariona:
babi leweung nu geus menang umur

1. dibentuk tim nyiwer nu jumlahna biasana 21 urang, atawa teliksandi dina bahasa militermah inteligent anu maksudna sina mastikeun posisi cicing babi dina poe harita rek diboro.
Regu nyiwerteh dibagi tilu regu, naeta blok babakan, blok girang jeung blok Hilir, ari wilayah nyiwerna, Blok girang, mimiti Lebakan cirangkong kakulonkeun, diantarana bae lelewek leweng Purbo, Gintung, Cibakherang, Pasir kondang, Gorowong, Jami mandor, nepi ka Bahan Anggolasi.ari babakan nyaeta daerah leweung Istimewa,rungkun sendok keling,nepi ka Leweung Cina. ari Blok hilir daerah Citangkurak, jeung munggang juwet.
kalayan ruang gerakna di persempit. regu nyiwer dina wanci subuh geus indit mitur tapak babi tadi peting ngarusak biasana babi indit usahana rombongan paling saetik 2 iji saterusna mastikeun tempat nganjerekna babi dileuweung mana sarta di bah mana, geus pasti hama asup ka lingkungan pileuweungan ku sakur tim nyiwer eta tempat dikuriling mastikeun bisi aya tapak kaluar, lamun aya tapak indit buru2 ditutur deui. tapi mun pasti aya di lingkungan taya tapak kaluar karek, sabudeureunna di jaga kalayan jalan jalan kaluarna ditungguan.salah saurang diantara tim nyiwer turun kaleembur ngalaporkeun ka pimpinan moro biasana kuwu, atawa tokoh nu dipikolot srta apal seluk beluk leweng, kalayan ngajelaskeun posisina.
leuweung kaleureun lembur panonoban babi 
nu biasa ngaranjah pakaya urang lembur

2. pimpinan moro kalayan dibantu ku para penasehat musyawarah darurat pikeun nangtukeun posisi porog (jebakan )  sangges putus/ biasana posisi porog maranti. jarak ti tempat babi kira-kira 200-300 m pimpinan moro marentahkeun ka 2 pasukan nyaeta pasukan pager nu nungguan tinisuk, biasana kana lewih ti 100 urang, dilengkepan ku Gedeg atawa talupuh awi jang mager, jeung pasukan porog  biasana kana 20 urang sina mangkat. bring marangkat bari sagreng ku pakarang utamana tumbak. sanggeus nepi kanu dituju prak digarawe nu mager masang2keun talupuh nu porog nyusun nyieun jebakan porog. ari pager dijieuna ngabentuk hurup V beki deket ka tempat babi beki ngalebaran. di jieun dua sisi nu ngarahkeun ujungna kana porog. ari regu pager sok dibagi dua regu, regu hiji nyaeta warga blok girang sarta posisina aya belah katuhu porog, regu kadua nyaeta warga blok babakan jeung Blok hilir srta posisina belah kede porog. biasana porog dijieuna di tempat nu gurawes sarta deket kana awi, sabab jang tibahaneun porog sangkan dekeut ngalana.

3. sanggeus pagawean porog jeung pageur rengse pasukan pager alih propesi tugasna jadi pasukan giring  ngarayap ngurilingan tempat babi ngabantu regu siwer nu tisubuh cunggelik.

4. sanggeus sakuriling tempat kajaga komando morog niup peluit atawa kode tanda moro dimimitian breng bae pasukan infantiteh mimiti ngarayap asup ka lingkungan jagaan ngadesek babi sina incah nuju kana porog bari ting arauk ngagebah babi, di ujung pager biasana ditempatkeun teliksandi nu isuk ngiwer lamun katingali babi geus lewat lingkungan pager babi digetapkeun kalayan manehna ngagorowok saterikna bari nakolan jeung ngoyagkeun tdadaunan maksudna sina babi reuwaseun jeung limpat sakaparan-paran, mun hama babi beunang biasana sok kadenge sora ngoceak da ku regu porog langsung di tumbak sing babi kaluar lepas komo mun lobamah biasana numpuk nepi ka lawang porog, lamun geus kitu ngan ger bae sarurak eak-eakan nembongkeun kabungah bari patanya papadana " menang sabaraha-menang sabaraha " kituna bari jeung nyampeurkeun

bisana moro kieteh lumayan hasilna mucekil bisa nyampe menang 12 iji sakali morog bari jeung sapoteh kadang bisa 2 kali morog, biasana hasil tina morogteh sok dijual ka cina di cigugur hasilna dibelikeun kana pakakas moro kayaning tumbak kadang meli pospor atawa temik.

4 komentar:

  1. jahahaha sok kirimkeun mang ka trans 7 boa daekeun ngaliput

    BalasHapus
  2. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  3. kanggo postinganna sae pisan, tapi langkung sae pami tata basa sareng cara penulisanna di koreksi deui... hatur nuhun!!

    BalasHapus