Rabu, 21 Mei 2014

SASAKALA GUNUNG TANGKUBAN PARAHU

nurutkeun carita pantun nu nyebar di tatar sunda carita gunung tangkuban parahu kajadian dimimitian ku carita raja sunda baheula nu ngadon moro ka leuweung, kabiasaan para gegeden jaman bahela mun hiburan jaman harita iwal ti moro uncal ka leuweung.
kacarita sajeroning moro kanjeng prabuteh katarjang hayang kahampangan nu kacida, kulantaran rusuh dina rombongan antukna sang prabu ngoloyong kahandapeun tangkal kai nu buni terus wae kahampangan, ( kiih ) cek bahasa ayeunamah, wer wae teu mirungeuh wantuning dileuweung handapeun nu kabaseuhanteh katutup dangdaunan atuh cai leuncang dadakanteh ngeyembeung teu terus rembes ka jero taneh, tos kitumah lajeung angkat deui jeung rombongan.

ujaring carita ci kiih raja kasampeur ku hiji babi nu hanaang kapanasan laju ci kiih raja teh diinum. kersaning para dewata babi leuweung nu tas nginum ci kiih rajateh keureuneh kalayan nincak kana waktuna lahir hiji orok awewe nu geulis kalayan dingaranan Dayang sumbi.





nincak dewasa dayang sumbi karesepna nyepi di saung panggung, Vila cek jaman ayenamah bari ninun nyieun lawon kalayan dibarengan ku hiji sato anjing nelah si Tumang u kacida satiana marengan, hiji waktu basa dayang sumbi keur ninun pakakas ninun sababaraha kali ragrag kana taneuh, nepikeun nu kasakian kalina dayang sumbi ngarasa aral unggah turun nyokot pakakas ninun nu ragrag, nepikeun tanpa sadar kaluar ucap " sing saha nu mangnyokotkeun pakakas ninun mun awewe rek dijieun dulur mun lalaki rek dijadikeun salaki" tuntas kaluar janji ana torojolteh si tumang datang bari mamawa alat ninun, kusabab inget kana jangji antukna Dayang sumbi Rela jadi Pamajikan situmang nepi ka boga anak dingaranan SANGKURIANG.

nincak dewasa sangkuriang teu apal saha bapana ulina sapopoe iwal jeung si tumang. hiji waktu Sangkuriang moro, aya ku apes taya hijige sato nu panggih, basa wanci mulang kabeneran aya babi bikang lewat Sangkuriang ngahucuhkeun si tumang sina moro, tapi weleh si tumang teu daek moro babi anggur candukul. cek carita si tumang apaleun eta babiteh mitohana, indung Dayang sumbi, atawa emana Sangkuriang. lantaran ambek situmang dipaehan diala hatena dibikeun ka indungna nu satuluyna diddahar, antukna dayang sumbi apaleun yen hate nu di asakanteh hate si tumang salakina Sangkuriang ditakol terus di usir ti panganjerekan.











sngkuriang ngalalana bari nyiar elmu, kersaning ddewata sangkuriang tepung jeung dayang sumbi kalawan teu silih kenal, sangkuriang katarik ati kagembang manah niat ngalamar. tapi dayang sumbi apal sangkuriang tetela anakna. sangkuriang teu percaya alatan dayang sumbi masih ngora mun nya indungna tangtu geus kolot. antukna dayangsumbi menta tanjakan menta dijieunkeun situ jeung parahu nu kudu anggeus sapeuting. sangkuriang nyanggupan, Citarum dibendung beres sapeuting ngan waktu keur nyieun parahu dayang sumbi nabeuh lisung, atuh hayam disarada tanda beurang datang. Sangkuriang ambek Parahu ditendang barang ragrag robah jadi Gunung, Tunggulna jadi gunung bukit tunggul, Rangrangna jadi gunung burngrang.

TAFSIR CARITA SAENYANA
pantun sarua jeung karya tulis para seniman nu kadang perlu di pesek eusina ngarah kaharti maksudan. lamun nurutkeun tafsiran dilarapkeun jeung elmu medis atawa kasehatan carita Sangkuriang teu asup akal.
contona: cai kiih di inum ku sato ngakibatkeun hamil, mun enya kitu sabaraha juta jalma turunan sato, sabab jaman baheulamah can aya WC Km, kiihteh padu wer wae pasti loba kajadian cai kiih diinum sato. kaduana, nurutkeun ahli medis sperma manusia mal bisa membuahi sperma sato.
nu jelas nu nyieun pantun sabenerna hayang nyampeukeun riwayat keur pieuntungeun urang. yen mangsa harita kajadian pangagung nagara ngarempak larangan kagembang ku istri nu lain muhrim, dina pantun awewe nu lain muhrim dilambangkeun ku sato Babi, islam oge nerangkeun Babi sato nu haram didahar. nu ngabalukarkeun    lahirna Dayang Sumbi.`

nurutkeun carita parahiayang rahyang mandiminyak raja galuh berselingkuh dengan kaka Iparnya Nay Pwahaci Rababu Istri Sempakwaja, dan melahirkan seorang anak bernama Sena

dayang sumbi kawin ka anjing? asa pamohalan tapi mun dileunyepan tetela natrat jelas sastrawan pantun boga maksud nyampekeun yeun dayang sumbi ngajodo ka badegana atawa pembantuna, badega jaman baheula kacida manut ka dunungan persis jiga anjing mun dipiara, nuturkrun kamana wae dunungana. bisa oge Dayang Subi kawin masih ka sadulur cek silsilah aya nu kasebut dulur anjing.dan melahirkan Sangkuriang

dari Istri sahnya rahyang mandiminyak mempunyai seorang anak bernama Sanahaa. Sena dan Sanaha Menikah dan Melahirkan Raden Sanjaya Pendiri Dinasty Sanjaya di jawa Timur kelak keturunannya membangun Candi Prambanan