Selasa, 14 Februari 2012

KAHIRUPAN URANG LEMBUR

Timimiti tukang macul nepi ka tukang candukul

Kahirupan di lembur pasisian kalolobaana gumantung kaalam sakurilingeuna utamana kana taneh jeung tutuwuhan nu jadi bahan kipayah ngalakonan kejemna kahirupan dunia. dina upaya nyiar kipayah urang lembur biasana ngandelkeun kana tanaga rea pagawean nu baris ngadatangkeun rejeki lamun katanagaan ku pangesi lembur. nya kitu dei kahirupan di hiji desa nu kasebut desa Lebakherang nu persisna aya beh wetaneun kota kuningan kalayan kaereh ka kecamatan ciwaru, persisna ari ti ciwarumah sakuleunen kira-kira jarak 5 km. Lembur singkur sisi gunung estu jauh ka paribasa ngota kalingkung ku pagunungan nu ngembat timimiti gunung Ciremai nepi Ka wates Jawa tengah. kalerun lemburteh gunung Rabuk nu kacida gurawesna, nya tidinya datang rupa-rupa kakawasaan Allah ti mimiti nu nguntungkeun nepi ka nu ngarugikeun urang lembur. tapi mun diitungmah jigana loba keneh untungna batan rugi nu didatangkeun ti eta gunung, coba wae urang titenan hiji-hiji :
ratusan tangkal Awi boh awi tali atawa awi bitung nu dimangpaatkeun, kitu dei iwungna. aya oge muncang nu unggal isuk diparulungan lumayan keur bumbu dapur meh teu meli-meuli teuing, aaya oge nu bisa nepi ngajual ka pengepul kulantaran kalobaan mulung. suluhna nu unggal isuk di durukan, dauna oge unggal poe dipake marab embe. kakayona nu sakadangmah dipake bahan bangunan, oge hoe nu di angkut kadang nepi ka 15 treuk kadang nu teu karasa pisanmah cai nu ngagolontor digunakeun ku patani jang sawah, balong oge ayeunamah ngalir ka lembur jadi air bersih. dipake nginum sapopoe, ngisikan, kukumbah nyeuseuh masak, jeung sajabana.
Sawah ngarupakeun sumber kahirupan patani
Pare huma jeung tumpangsari

ari tibeh kidul ngampar pagunungan, timimiti karikil, cirolong, munggang kosambi, pasiran tengah, lebaknangka, gagayunan nepi ka sawah bera. baheulamah eta bubulakteh mun mimiti mangsa mijih sok dihumaan lumayan nambah esi leuit mangsa pailit, beres ngahuma sok terus dikacang bantenan mokaha ngampar nepi kawates lembur kadang meh hasilna mucekilteh sok ditungguan unggal peuting ku masing-masing nu boga. atuh dileuweungteh ari petingteh jadi rame teu si keueung sabab jarak 100 meter sok aya nutunggu.

atuh ngarah kahirupan jalan kawas ilaharna, pikeun nyumponan tungtutan alam nu tadi kasebut rea warga desa anu sacabakna-sacabakna nyumponan pangabutuh kahirupan, aya nu jadi kuli macul, purah ngored, tandur, ngeprak,kuli panggul jeung rea dei paksaban tani. atuh mokaha lumayan ku lobana kagiatan eta perekonomian masyarakat lumayan kacukupan sabab loba duit muter dipapadana, sok komo mun wawayahan

kasibukan urang lembur biasana mun isuk-isuk ges riab jalma nu kasawah, kakebon, aya nu ngala parab jang ingon-ingon kayaning sapi jeng embe, aya oge nu ngala suluh, mulung muncang kapasir, nu tandur, dibuat jojongko ngored jeung sajabana. barudakna rabul kasakola ngadon dialajar, aya oge nu kapasar nyiar kabutuhan urang lembur, kadang nu teu sempetmah nitip balanjaan ka budak sakola utamana SMP.

budak pamudana nu hidengmah sok ngabantu pagawean kolot, ngala parab atawa suluh. mun peting nalongrong na bangku awi bari gigitaran, komo keur jaman si dikin,rusna jeung sutamah gigitaran sok nepi ka isuk, berangna sare nepi ka sore. 
lamun di itungmah aya meureun kana 35 hektar sawah nu ngampar di lebakherang, katambah 80 hektar leuwih bubulak nu nyokong kakurangan produksi pangan ti sawah.
batas desa sebelah timur

ngan kiwari sawah nu tadina ngemplang lega kiwari tinggal parona, tingali bae geura. sawah tonggoh geus eweh ngarungkun jadi leuweung jeung imah, buncelik kari sapasi erep kabeh jadi kai, lamping ilang sawah kidul dijajah ku urang cilimus bubulakna jadi kebon kai. puguh aneh pangesi dunya beki nambahan ari bahan jang esi beuteung kalahka ngurangan naha kumaha ieuteh.

nu jadi alesan rada asup akal oge tapi teu kaharti. cenah tani ngan ukur loba dakina wae taya onjoyna mending bubuara ka jakarta boh jadi galandangan atawa kaki lima lewih hade batan dugdugsek cape rusak awak. kunaon sababna cena? sabab biaya molah sawah teu sabanding jeung hasilna katambah dirusak hama babi nu terus nyaliara ngarusak teu erep-erep. atuh kaduana kolot jaman ayeunamah jiga nu nyaah mun anakna kudu leuleuweunganteh ayenamah budakteh dimenak-menak jiga raja ngan ukur sare dahar jeung ulin estuning disenangken, aranglangka kolot nu isuk-isuk ngagugubrag anakna sina kaleuwueng jiganateh heman. atuh tong boro di ulah-ulah dalah dititahna oge jaman ayeuna tani geus teu dipikahayang ku rea jama. kumaha atuh ari kitu mangkaning coba wae ieu dihandap aya itung-itungan kabutuhan beas di desa lebakherang, cik geur simak
Saling bantu dalam hajatan warga

sawah ker di polah
sawah nu siap di tanduran

kebon Kacang banten ( kacang Bogor )



PERHITUNGAN KAKURANGAN BEAS







KEBUTUHAN BERAS PER TAHUN










Jumlah penduduk x konsumsi harian x 360 hari
1,089 x 0.40 x 360 = 156816 kg








kebutuhan gabah





156,816 x 0.75 %
= 209088 kg








KEBUTUHAN GABAH PER MUSIM



209,088 DIBAGI 2

= 104544 kg








LUAS KEBUTUHAN AREAL SAWAH



104,544 DIBAGI produksi lahan per hektar (2000kg)
104,544 : 2,000

= 52 ha








luas ada = 35 ha



jumlah produksi beras




35 x 2,000

= 70,000








kekurangan beras





104,544 - 70,000

= 34,544 kg gabah per panen
34,544 x 2

= 69,088 kg GABAH






51,816 Kg Beras per TAHUN
















PASOKAN RASKIN





15 x 86 x 12 = 15,480 ton beras / tahun








SISA KURANG beras




51,816 - 15,480


36,336 TON dipenuhi dari hasil ternak, dagang, kayu







(beli ke pasar, jakartaan beli di warteg)























































































































































































































Tidak ada komentar:

Posting Komentar