Kamis, 09 Februari 2012

tempat wisata



Lebakherangteh lembur tepis wiring, aya di tutugan gunung rabuk nu jangkungna kurang leuwih 200 meter, kalayan daerahna mangrupa pagunungan. kulantaran kitu pisan geus teu aneh deui lamun loba gawir jeung walungan sarta pasawahan jeung kebon nu bisa dipake niiskeun pikir mun seug keur loba gawe. diantara tempat tempat nu jadi pangjujugan urang kota lamun hiburan diantarana :


Curug kadut ( air terjun kadut ), dingaranan curug kadut kulantaran dina lewina baheula sok manggihan oray kadut. ieu tempat mun lebaran idul fitri jadi pangjujugan ngarebak wanoja jeung jajaka nu ti kota


Curug Tengah posisina aya satonggoheun curug kadut jadi mun jama marengan ulin ka curug kadut pastina oge bakal ka curug tengah, curug tengah lewih luhur batan curug kadut jeung leuwih endah, batu nu taringgul mangrupakeun hiasan alam nu matak nambah waas. kakurangana di curug tengah taya lewi cara di curug kadut.

pamujaan, ceuk ujaring caritamah etateh makam ratu bungsu ti pajajaran nu tempatna aya di puncak gunung rabuk. jalan ngajugjug beta tempat kacida rumpil tur gurawesna sarta nyorang tanjakan nu panjang dina kamiringan antara 40-45 drajat di eta tempat aya makam jeung batu-batu kuno.
Tangkal Binuang

tangkal binuang ieu can pati kajojo padahal eta tangkal ngarupakeun tangkal kai nu kacida gedena sarta langka ayana, tangkal binuang jangkungna kira-kira 25 meter sarta diameterna bisa nyampe2,5 m. tangkal binuang biasana sok jadi tetenger datangna mangsa halodo atawa hujan.

garahayu, cirolong jeung sapingping potensi jang vila komo ayenamah jalana alus keur baheula oge didinyateh sok nyarieun ranggon paragi nungguan datangna buka puasa / NGABUBURIT ceuk si kemulmah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar